Lirik Lagu Darso : Mega Sutra Pantai Carita




"Mega Sutra Pantai Carita"
Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta
Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka
Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

0 komentar:

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Kontak Kami

Daftar Isi

Pembaca

Copyright © 2012. Buku Lirik, Chord & Terjemahan - All Rights Reserved Lirik dan Chord by Kai